Dosen adalah pendidik profesional dan ilmuwan dengan tugas utama mentransformasikan, mengembangkan, dan menyebarluaskan ilmu pengetahuan, teknologi melalui pendidikan, penelitian, dan pengabdian kepada masyarakat (Permendikbud 49/2014 Pasal 1:14)

Kamis, 08 Juli 2021

Ulah Sompral

Waktos seeur jalmi nu kainfeksi dirawat di RS, aya sapalih jalmi nu nyapirakeun kondisi eta ku cariosan, "Ah, paling oge covidisasi, nu puguh mah nuju perubahan musim"

Disangki na kalangan Medis mutuskeun jalmi kainfeksi teh ku cara ngetang kancing. Disangki na jalmi nu ngantri ka IGD teh olo-olo, teu keresa ngobatan nyalira panyawat na di bumi ku jajamuan. 

Teras urang teh ku Allah diuji deui. Nu seeur kajantenan teh ayeuna mah jalmi nu parupus. Pasti aranjeuna ayeuna bingung bade nyalahkeun kanu musim naon, da saumur-umur nu karaos ku abdi mah asa nembean hampir sadaya WhatsApp Group aya wae berita nu pupus. 

Kade ujang, nyai ... eta cariosan na kedah dijagi. Ulah sompral deui kanu ujian Allah. Hayu sauyunan sareng pamarentah dina ikhtiar nurunkeun penularan virus. Sing sabar mayunan kebijakan nu ngabates lengkah urang di luar bumi. Naon hartos na "Bebas ti na Batesan", pami bebas na eta aya di luhureun layon jalmi nu rentan ku infeksi virus nu sakitu seeur na.

0 comments :

Posting Komentar

Terima kasih atas kunjungan dan komentarnya